KEAN SANTANG
Di
wewengkon Garut aya hiji lembur, ngaranna Suci. di dinya cenah aya pataliasan
kean santang. Raja Pajajaran, Prabu Siliwangi, kagungan putra pameget,
jenenganna Kean Santang. Kean Santang ti alit dilatih kana kagagahan. Barang
parantos sawawa, anjeunn ngemut. Ceuk anjeunna “Aing ayeuna geus tamat diajar
rupa-rupa elmu. Elmu kagagahan oge geus kacekel kabeh , aing hanteu teurak ku
pakarang. Nepi ka ayeuna aing mah acan kungsi nenjo getih aing. Tapi naha enya
ari diajar elmu aya tamatna? Naha enya aing teh panggagahna? Ah, aing
panasaran. Aing rek ngalalana, rek nyiar elmu. Sugan bae aya keneh elmu anu
aing teu acan nyaho.”.
Terus bae Kean Santang ngalana anu
ahirna nepi ka Mekah. Di dinya anjeuna ngadangu cenah anu luhur elmuna jeung
panggagahna teh Bagenda Ali. Anjeuna langsung neupungan Bagenda Ali. Ari keur
angkat, Kean Santang tepang jeung hiji sepuh. Ku eta sepuh dipariksa ka mana
tujuanana . Kean Santang ngawaler, “Abi teh bade nepangan Bagenda Ali. Maksudna
bade ngadu kagagahan.”,”Euh ari kitu mah hayu atuh dijajapkeun ku Mama,” saur
sepuh teh. Tuluy bae eta Kean Santang ngiring ka eta Sepuh. Barang geus angkat
sajongjongan,”Aeh iteuk Mama katinggaleun. Teuh geuning nanceb! Punten,
Pangnyandakeun.”
Gewat bae Kean Santang mulih deui maksudna
nyandak iteuk eta Sepuh. Tuluy dicabut ditanagaan, tapi iteuk na teh beut teu uget-uget acan. Kean Santang
dudugingan nyabut iteuk, nepi ka rey kaluar kesang badag jeung kesang lembut.
Sepuh teh nyaketan, pok sasuran ,”Naha lami-lami teuing?”, “Aduh Mama, Abdi teu
tiasa nyabut ieu iteuk,” waler Kean Santang ngahegak.
Kean Santang ngaraos saliranan
kokoprot ku kesang. Barang disidik-sidik, mana horeg salirana teu rembes ku
getih. Anjeuna pohara kageteunana. Anjeuna kaget ningal getih soranganna. Geuning
getih teh beureum kawas getih nu sejen. “Pajar palay ngadu kagagahan sareng
Bagenda Ali. Geuning nyabut iteukna oge henteu kaduga!” saur sepuh teh. Naha
ari horeng eta teh Bagenda Ali (Sayidina Ali) tea. Kean Santang nyuuh kana
sampean Sayidina Ali. Tetela jalma mah taya nu sakti. Loba keneh elmu nu kudu
diulik. Tuluy bae Kean Santang lebet Islam, sarta ngulik rupi-rupi elmu agama
di Mekah. Sanggeus ngarasa cukup ngulik elmu agama, Kean Santang mulih deui ka
Pajajaran. Anjeunna nyebarkeun agama Islam di Lemah Cai.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar